Di Panugaran Batu Curug Sigay
(Agus Suriamihardja)
I. Ki Arsik urang cicarita
Ngahaja nugar batu curug sigay
Teuing nu saha
Teu kungsi di papay papay
Datang ka lengkob nyorangan
bismi hirup
tuluy ngaheumbat bebeakan
batu urug
kitu jeung kitu
tara nunggu -nunggu
mun karasa cangkeng na asa semplak
reureuh heula sakeudeung
udud mole, ni'mat ngadadak
minangka sasarap ,citiis jeung gula kawung
basajan pisan
kahayang karumasaan